Tag: , , ,

Ulah cara ka malati kudu cara ka picung

Ulah cara ka malati kudu cara ka picung hartina ulah bosenan ka pamajikan, tong ngurangan kanyaah tapi beuki lila téh kudu beuki nyaah. Tah ieu salah sahiji papatah anu...

Clik putih clak hérang

Clik putih clak hérang hartina kaluar tina haté anu beresih, rido pisan, teu aya geuneuk maleukmeuk. Hayu urang diajar Paribasa Sunda. Salam Rahayu....

Kawas hayam panyambungan

Kawas hayam panyambungan hartina tacan nyaho di kalér kidul, kawantu anyar kénéh aya di éta kawasan. Hayu urang diajar basa Sunda. Salam rahayu. #jawabarat...

Cara Bueuk meunang mabuk!

Cara bueuk meunang mabuk hartina ngeluk baé, teu lemék teu carék, euweuh hojah, euweuh karep, euweuh kahayang sabab éra tawa sieun. Wilujeng salasa Paribasa Sunda....

Kai teu kalis ku angin

Kai teu kalis ku angin artina unggal jelema awal ahir tangtu bakal pinanggih jeung kasusahan. Wilujeng salasa paribasa. Salam rahayu. #peribahasasunda #peribahasa

Ngadagoan uncal mabal

Ngadagoan uncal mabal artina ngadagoan jeung mikahayang kana rejeki tapi sungkan ihtiar pikeun ngadatangkeun eta rejeki. Wilujeng dinten Salasa Paribasa Sunda....

Deukeut-deukeut anak taleus

Deukeut-deukeut anak taleus hartina sakitu padeukeut teu nyaho yén baraya atawa aya kajadian penting di salah saurang di antara maranéhanana. #salasaparibasa...

Asa tungkeb bumi alam

Asa tungkeb bumi alam hartina asa kacida bingungna, keur poék mongkléng pipikirana. Wilujeng Salasa paribasa. Hatur nuhun

Dahar kawas Meri

Dahar kawas meri artina uprat-aprét jeung ngaréméh. Wilujeng dinten salasa paribasa sunda. Hatur nuhun.   #salasaparibasa #paribasasunda #sunda

Buah ragrag moal jauh tina tangkalna

Buah ragrag moal jauh tina tangkalna artina sipat anak moal jauh tina sipat kolotna. Wilujeng salasa paribasa sunda dulur sadayana. #salasaparibasa #paribasasunda...