Kalakay Gupay Wilujeng angkat, deudeuh
Teu kedah ngumbar tibelat
Da ci soca moal saat-saat
Teu kedah ngumbar kawaas
Da ngangres mo laas-laas
Wilujeng angkat, deudeuh
Urang luaskeun ku ikhlas
Di jajapkeun ku sewu mamanis
Tanpa kecap pileuleuyan
Tanpa citangis marengan
Wilujeng angkat, deudeuh
Kantenan kalakay gupay
Nu ngebat lebah pengkolan
Heas-heas nurih ati, sakedapan
Ngalongkewang diri leungiteun puntangan
Hambar diri ilang tungkusan harepan
Sirna ilang mamanisna
Kantenan kecap papisah
Karaos mungkaskeun asih
Kantos nyeuit nurih ati, sungkan pisah
Uplek ngobrol sajajalan bari ngagugulung kangen
Wanci sareupna maju ka kulonkeun
Sora alon ngaharewos pileuleuyan
Wilujeng angkat, Mama Dono

Rengrengan Sanggar Mekar Asih sareng Warta Jati Sunda ngiring belasungkawa nu saageung-ageungna, mugia kulawarga anu dikantunkeun dipasihan kakiatan ti Gusti anu Maha Suci.