Home Blog Page 114

YÉSUS PUPUS

Ciptaan : Satib Timotius
Album : Gentra Kaheman Vol 1

Gusti Yésus tilar dunya
Ngorbankeun jiwa ragana
Sangkan urang teu binasa
Kénging hirup nu langgeng

Yésus pupus di Golgota
Ngajait urang sadaya

Getih suci mupus dosa
Sangkan urang salamet

Tawis asih Gusti Yésus
Ka manusa nu doraka
Disucikeun tina dosa
Nampi hirup nu langgeng

PANGREUREUHAN

Ciptaan : Satib Timotius
Album : Gentra Kaheman Vol 1

Di dunya urang téh jalma ngumbara
Ngandung harti hirup ukur sawatara
Sing waspada sabab teu nyaho di manggsa
Di pundut ku Nu Rahayu masing percaya

Di dunya urang sok katalangsara
Hiji tanda di dunya urang teu lana

Najan kitu urang teu kendat diasuh
Ku asih-Na salamina sanggakeun sukur

Reff:
Cunduk waktu dimana dunya wekasan
Aya nagri nu éndah langgeng abadi
Nya didinya harepan urang sadaya
Sakur jalma nu percaya ka Gusti Yésus

MUJI GUSTI

Ciptaan : Satib Timotius
Album : Gentra Kaheman Vol 1

Waktosna parantos cunduk
Abdi sadaya sumembah
Sujud ngabakti ka Gusti
Munajat ka nu kawasa


Reff:
Duh Gusti Yésus nu agung
Jenengan Gusti nu mulya
Dipuji sareng disembah
Dugi ka salalamina

LEUKEUN TUR SATIA

Ciptaan : Aep Ase & U-ken
Album : Naratas
Produksi : Sarkaép Band

Léngkah anu keur di sorang
Dina kaharupan urang
Teu weléh aya panghalang
Horéam datang narajang

Tapi pikeun Putra Gusti
Anu ngulik kitab suci
Nyepeng jangji-jangji Gusti
Mawa hasil anu pasti

Hayu urang leukeun tur satia
Dina ngaropéa sagala rupa
Hayu urang leukeun tur satia
Ngalakonan pangersa Rama

Reff:
Harta di dunya kudu ka ala
Harta sawarga sing ka pibanda
Tahan dina sagala cocoba
Rarancang Mantenna pasti laksana

KUCURAN HATÉ SIM ABDI

Ciptaan : Satib Timotius
Album : Gentra Kaheman Vol 1

Duh Gusti Pangéran nu murbéng alam
Sucikeun sim abdi tina rereged dosa
Sangkan jadi umat kakasih Gusti
Salamina hirup dina cangkingan Gusti


Reff:
Kucuran haté sim abdi
Pinuhan ku kawasa Roh Suci
Malar haté cumantél maskét ka Gusti
Kucuran ku kawasa Roh Suci

HAYU URANG SEMBAH

Ciptaan : Satib Timotius
Album : Gentra Kaheman Vol 1

Yu urang sembah
Urang muji sukur
Mulyakeun Pangéran
Gusti nu di manggung

Sujud ka Gusti
Nu jembar kurnia
Nu welas tur asih

Yésus anu agung

Reff:
Gusti nu welas tur asih
Rama nu jembar hampura
Kurnia Gusti sampurna
Ka abdi salalanggengna

GUSTI PUSEUR PANGBAKTI

Ciptaan : Satib Timotius
Album : Gentra Kaheman Vol 1

Di dunya taya duana
Mung Salira Gusti anu linuhung
Nu kagungan kawasa dunya ahérat
Ti bihari ka kiwari jumeneng salalanggengna

Nu buméla ka manusa
Welas asih taya wates wangenna
Dugi kersa ngorbankeun jiwa ragana

Anjeung Gusti nu sajati puseur pangbakti sim abdi

Reff:
Nu dipunjung dipuja didama-dama
Tur disembah siang sinareng wengi
Nya ka Anjeun sagala mahluk sumujud
Gusti Yésus anu Agung sembaheun abdi sadaya

DONGKAP KA GUSTI

Ciptaan : Satib Timotius
Album : Gentra Kaheman Vol 1

Sim abdi dongkap ka Gusti
Dumeuheus ka pangkon Rama
Nyanggakeun sagala puji
Sumembah ka nu kawasa

Nyanggakeun séwu bebendu
Nyanggakeun laksa duduka
Samudaya kalepatan

Duh Gusti abdi hapunten

Reff:
Nun Gusti panutan
Pangharepan sim abdi
Anjeunna nu layak
Nampi pangbakti

AJRIH KA GUSTI

0

AJRIH KA GUSTI

Ciptaan          : Satib Timotius
Album            : Gentra Kaheman Vol 1

Nu ajrih ka Gusti katawis tina sikepna
Éstu handap asor teu adigung kumalungkung
Lampahna nu pasti ngagungkeun asma Pangéran
Puji sareng sembah ka Gusti anu di manggung

Nu ajrih ka Gusti kanyaah dasarna hirup

Resep méré mawé nulung tara pandang untung
Nalang ka nu susah tur tara ménta pamulang
Kitu perbawana jalma nu jarih ka Gusti

Reff:
Pinasti katawis dina sikapna nu luhung
Nenggorkeun kahéman paroman béar marahmay
Daréhdéh soméah asih ka papada jalma
Kitu perbawana tawis nu ajrih ka Gusti

Kesempatan Menjadi Artis Film

0

Mau jadi artis Film?? Pasti semua mau kan…

Ayo ikutan Audisinya di Bandung. Jika kalian beruntung, kalian akan menjadi artis film ini. Yang berminat silahkan hubungi kontak yg tertera di brosur…

Jangan sampai ketinggalan ya, hari ini terakhir pendaftaran. Gbu All.


Ini formulirnya yah… Ingat kesempatan jadi artis film loh!

Form audisiTRIMS