Home Blog Page 113

TIGIN JANGJI

Ciptaan : Satib Timotius
Album : Gentra Kaheman Vol 2

Hamo cangcaya hamo sulaya
Najan ka susah narajang
Aniaya jeung tunggara
Henteu matak abdi hariwang honcéwang

Hamo cangcaya hamo sulaya
Nyorang kasusah kasedih
Tetep yakin ka Mantenna

Gusti Yésus ngaganjar kasalametan

Reff:
Moal rék aral subaha seja tigin kana jangji, jangji salira
Salira tara sulaya tara jalir kana jangji salalamina
Hirup langgeng anu pasti baris katampi ku abdi-abdi sadaya
Abdi mah moal cangcaya seja tigin ka salira Gusti Pangéran

RUNTUT RAUT

Ciptaan : Satib Timotius
Album : Gentra Kaheman Vol 2

Hirup kumbuh babarengan
Urang tulung tinilungan
Runtut raut sauyunan
Urang sabilulungan

Urang sareundeuk saigel
Sabobot sapihanéan

Nenggorkeun welas tur héman
Jadi saksi Pangéran

Reff:
Poma urang ulah arék lanca-linci
Jalir jangji dibarung cidra sulaya
Masing bisa mawa diri nu sayakti
Jati diri putra Gusti

REUGREUG PAGEUH

Ciptaan : Satib Timotius
Album : Gentra Kaheman Vol 2

Heunteu unggut kalinduan haté teu galideur
Tetep percaya ka Yésus najan nyorang lara
Dihina tunggara lantaran iman ka Yésus
Haté tetep reugreug pageuh sanajan bari dipeupeuh


Reff:
Reugreug pageuh najan dipeupeuh
Satia najan dihina
Tigin kana jangji-Na
Sabab pasti ginanjar kasalametan

RAHAYU

Ciptaan : Satib Timotius
Album : Gentra Kaheman Vol 2

Anjeun gapuraning rahayu,
Rahayu
Nu teu kendat maparin hirup hurip sakumna
Rahayu

Anjeun gapuraning rahayu
Rahayu

Maparin sih kurnia sinareng kabagjaan
Rahayu

Reff:
Gusti Yésus sumberna karahayuan
Nu jadi panyalingungan umat sakumna
Nya Mantenna gapura karahayuan
Jalma nu percaya

PERCAYA BAE KA YÉSUS

Ciptaan : Satib Timotius
Album : Gentra Kaheman Vol 2

Dulur-dulur nu bingung
Baraya nu keur susah
Gancang geura nyalindung
Ka Gusti Nu Mahaagung

Mun urang nandang liwung
Ulah nguyung jeung bingung

Geura nyuhunkeun tulung
Ka Yésus Nu Mahaagung

Reff:
Percaya kudu percaya
Ulah hangham jeung cangcaya
Percaya baé ka Yésus
Mantenna maha kawasa

PANGÉRAN TARA SULAYA

Ciptaan : Satib Timotius
Album : Gentra Kaheman Vol 2

Masing tigin percaya ka Gusti
Sing percaya Pangéran tara sulaya
Tara mungkir tara jalir kana jangji
Pangéran ngandika tara sulaya

Sing percaya urang sing satia
Tong salempang urang tong aral subaha
Tong galideur ulah pegat pangharepan

Satia Pangéran tara sulaya

Reff:
Pangéran tarasulaya jangji
Salawasna nangtayungan siang wengi
Pangéran tara jalir jangji
Satia urang sing tetep satia

HATÉ NYONGSRONG

Ciptaan : Satib Timotius
Album : Gentra Kaheman Vol 2

Anjeun Gusti nu kersa miasih
Tur buméla ka sakur nu kumalendang
Ka manusa nu hirup di pawenangan
Henteu kendat mintonkeun rasa kahéman

Anjeun Gusti sumber panglipuran
Pamuntangan sakumna umat manusa
Nu jumerit tinangtu Kénging pitulung

Nu sasambat dipaparin kabagjaan

Reff:
Haté nyongsrong ka Salira Raja nu mulya
Haté nyongsrong ka Salira Gusti nu satia
Haté nyongsrong ka Salira Rama nu langgeng
Nu maparin hirup hurip salawasna

NGAJADI SAKSI

Ciptaan : Satib Timotius
Album : Gentra Kaheman Vol 2

Sakumna umat Pangéran
Urang sing saruka bungah
Sukan sukan gumbira maruji Gusti

Sakumna umat Pangéran
Urang sing soson-soson
Nguwarkeun beja kabungah ngajadi saksi


Reff:
Piceun rasa hariwang reujeung honcéwang
Sumawona kasusah jeung katugenah
Wekel nandangan lara nu karandapan
Gusti Yésus satia salalamina

KERTA DI PASUNDAN

Ciptaan : Satib Timotius
Album : Gentra Kaheman

Duh Kacida éndahna
Gusti kersa ngaraksa umat-Na
Nugraha kasalametan
Dikucurkeun di Pasundan


Reff:
Kamulyaan di Tanah Pasundan
Ginuluran bekahna Pangéran
Gusti maparin karahayuan
Kakertaan di Tatar Pasundan

GUSTI PANANGGEUHAN

Ciptaan : Satib Timotius
Album : Gentra Kaheman

Najan di rungrung kabingung
Kabingung teu manggih tungtung
Haté moal ngalanglayung
Najan di udag kasusah
Kasusah taya sudana
Haté moal ngalongkéwang
Moal rék inggis ku bisi
Bisi itu bisi ieu

Moal rék rempan ku béja
Sabab boga panaggeuhan Gusti nu murbéng alam

Reff:
Kasusah datang urang teu kudu hariwang
Tangtangan datang urang teu kudu honcéwang
Karupek nyampak urang teu kudu galideur
Satungtung haté urang cumantél ka Yésus