Home Blog Page 113

HATÉ NYONGSRONG

Ciptaan : Satib Timotius
Album : Gentra Kaheman Vol 2

Anjeun Gusti nu kersa miasih
Tur buméla ka sakur nu kumalendang
Ka manusa nu hirup di pawenangan
Henteu kendat mintonkeun rasa kahéman

Anjeun Gusti sumber panglipuran
Pamuntangan sakumna umat manusa
Nu jumerit tinangtu Kénging pitulung

Nu sasambat dipaparin kabagjaan

Reff:
Haté nyongsrong ka Salira Raja nu mulya
Haté nyongsrong ka Salira Gusti nu satia
Haté nyongsrong ka Salira Rama nu langgeng
Nu maparin hirup hurip salawasna

NGAJADI SAKSI

Ciptaan : Satib Timotius
Album : Gentra Kaheman Vol 2

Sakumna umat Pangéran
Urang sing saruka bungah
Sukan sukan gumbira maruji Gusti

Sakumna umat Pangéran
Urang sing soson-soson
Nguwarkeun beja kabungah ngajadi saksi


Reff:
Piceun rasa hariwang reujeung honcéwang
Sumawona kasusah jeung katugenah
Wekel nandangan lara nu karandapan
Gusti Yésus satia salalamina

KERTA DI PASUNDAN

Ciptaan : Satib Timotius
Album : Gentra Kaheman

Duh Kacida éndahna
Gusti kersa ngaraksa umat-Na
Nugraha kasalametan
Dikucurkeun di Pasundan


Reff:
Kamulyaan di Tanah Pasundan
Ginuluran bekahna Pangéran
Gusti maparin karahayuan
Kakertaan di Tatar Pasundan

GUSTI PANANGGEUHAN

Ciptaan : Satib Timotius
Album : Gentra Kaheman

Najan di rungrung kabingung
Kabingung teu manggih tungtung
Haté moal ngalanglayung
Najan di udag kasusah
Kasusah taya sudana
Haté moal ngalongkéwang
Moal rék inggis ku bisi
Bisi itu bisi ieu

Moal rék rempan ku béja
Sabab boga panaggeuhan Gusti nu murbéng alam

Reff:
Kasusah datang urang teu kudu hariwang
Tangtangan datang urang teu kudu honcéwang
Karupek nyampak urang teu kudu galideur
Satungtung haté urang cumantél ka Yésus

DUH PANGÉRAN

Ciptaan : Satib Timotius
Album : Gentra Kaheman

Duh Pangéran Gusti maha kawasa
Kaagungan Gusti taya tandingna
Kawasa-Na taya sudana
Anjeun Gusti mulya salanggengna


Reff:
Sakumna mahluk di bumi jeung di sawarga
Sadaya bakal sumujud nyembah ka Salira
Sakumna mahluk nu hirup pasti bakal ngaku
Yésus Kristus Gusti maha kawasa

YÉSUS PUPUS

Ciptaan : Satib Timotius
Album : Gentra Kaheman Vol 1

Gusti Yésus tilar dunya
Ngorbankeun jiwa ragana
Sangkan urang teu binasa
Kénging hirup nu langgeng

Yésus pupus di Golgota
Ngajait urang sadaya

Getih suci mupus dosa
Sangkan urang salamet

Tawis asih Gusti Yésus
Ka manusa nu doraka
Disucikeun tina dosa
Nampi hirup nu langgeng

PANGREUREUHAN

Ciptaan : Satib Timotius
Album : Gentra Kaheman Vol 1

Di dunya urang téh jalma ngumbara
Ngandung harti hirup ukur sawatara
Sing waspada sabab teu nyaho di manggsa
Di pundut ku Nu Rahayu masing percaya

Di dunya urang sok katalangsara
Hiji tanda di dunya urang teu lana

Najan kitu urang teu kendat diasuh
Ku asih-Na salamina sanggakeun sukur

Reff:
Cunduk waktu dimana dunya wekasan
Aya nagri nu éndah langgeng abadi
Nya didinya harepan urang sadaya
Sakur jalma nu percaya ka Gusti Yésus

MUJI GUSTI

Ciptaan : Satib Timotius
Album : Gentra Kaheman Vol 1

Waktosna parantos cunduk
Abdi sadaya sumembah
Sujud ngabakti ka Gusti
Munajat ka nu kawasa


Reff:
Duh Gusti Yésus nu agung
Jenengan Gusti nu mulya
Dipuji sareng disembah
Dugi ka salalamina

LEUKEUN TUR SATIA

Ciptaan : Aep Ase & U-ken
Album : Naratas
Produksi : Sarkaép Band

Léngkah anu keur di sorang
Dina kaharupan urang
Teu weléh aya panghalang
Horéam datang narajang

Tapi pikeun Putra Gusti
Anu ngulik kitab suci
Nyepeng jangji-jangji Gusti
Mawa hasil anu pasti

Hayu urang leukeun tur satia
Dina ngaropéa sagala rupa
Hayu urang leukeun tur satia
Ngalakonan pangersa Rama

Reff:
Harta di dunya kudu ka ala
Harta sawarga sing ka pibanda
Tahan dina sagala cocoba
Rarancang Mantenna pasti laksana

KUCURAN HATÉ SIM ABDI

Ciptaan : Satib Timotius
Album : Gentra Kaheman Vol 1

Duh Gusti Pangéran nu murbéng alam
Sucikeun sim abdi tina rereged dosa
Sangkan jadi umat kakasih Gusti
Salamina hirup dina cangkingan Gusti


Reff:
Kucuran haté sim abdi
Pinuhan ku kawasa Roh Suci
Malar haté cumantél maskét ka Gusti
Kucuran ku kawasa Roh Suci