Hirup jalmi: salira-jiwa-roh. Roh tahap anu pangluhurna. Ku roh ieu urang tiasa wanoh ka Gusti, ibadah, ngalaman panyareng ti Gusti. Roh kagungan kawasa kangge hirup rohani.
Roh tiasa langkung kiat kawasana upami urang dilinggihan Roh Suci (Roh Gusti Allah). Moal tiasa disurup ku roh jahat. Moal diusap ku bangsa jurig. Margi (1 Yoh 4:4).
Roh Suci parantos hadir di sateuacan aya ciptaan Gusti Allah (Kaj 1:2). Sateuacan dinten Pentakosta Roh Suci parantos nyarengan para Nabi sareng jalmi-jalmi anu dipikamanah ku Mantenna (1 Sam 10:6,10; ). Nyarengan bangsa Israel budal ti Mesir (Yes 63:11). Nyarengan Yehezkiel (Yeh 11:5). Nyarengan Mika (Mi 3:8).
Turun ka Ambu Maria (Luk 1:35), minuhan Ibu Elisabet (Lk 1:41), ngauban Simeon (Lk 2:25).
Sateuacan Gusti Yesus munggah ka sawarga, ngajangjikeun pisumpingeung Roh Suci (Yh 14:16,26, 27; 16:7). Jangji ieu cumpon dina dinten Pentakosta (Ras 2:1-13), 15 suku-suku anu nyaksian.
Saatos Pentakosta, unggal jalmi anu percanten ka Gusti Yesus dilinggihan Roh Suci kangge salalamina (Ras 2:38). Jalmi eta janten milik Kristus (Rm 8:9).
Tah jalmi anu parantos dilinggihan Roh Suci ieu anu ngalaman kawasa Roh. Kawasa panyalindungan, kawasa kangge janten saksi, kawasa ngartos pangersa Gusti jst.
Kanggo langkung ecesna tiasa ditingal di Youtube Channel Sanggar Mekar Asih
Kawasa Roh mana anu ngancik dina diri urang?