Coét atawa cowét nyaéta parabot dapur nu sok digunakeun keur ngaréndos, ngabubukkeun, ngagerus bungbu-bungbuan, jamu atawa obat. Coét biasana dijieun tina batu, taneuh liat, jeung kayu. Wangunna ogé aya cirina, nyaéta legok di tengahna.

Ieu legok téh mangrupa widang nu dipaké keur ngarendos téa.
Coét ieu lamun dipaké pasti kudu ngagunakeun paralatan baturna
anu disebut mutu.
Hayu urang ngamumule Basa Sunda tina peperenian. Salam rahayu.